Tekad Erlangga Pangestu
Kawih jeung Tembang téh ayana dina widang seni jeung sastra. Dina widang
seni, lantaran kawih jeung tembang téh mangrupa seni sora jeung seni karawitan,
sedeng kaasup widang sastra lantaran rumpakana jadi bahan ulikan sastra. Sok
sanajan aya dina widang nu sarua, kawih jeung tembang téh aya bédana, utamana
tina wangun jenisna.
Numutkeun harti kamus, kawih téh nya éta; rakitan basa sabangsaning dangding nu teu
maké patokan pupuh (LBSS, 1988:96). Sedengkeun tembang mah ngalagu nurutkeun aturan pupuh, anu salawasna kauger ku patokan-patokan guru
gatra, guru wilangan, jeung guru lagu, sarta nada ngahaleuangkeunana. Jalma
nu sok maneuh ngalagukeun rumpaka kawih disebutna juru kawih atawa sindén, sedengkeun nu sok ngahariringkeun
rumpaka tembang disebut juru tembang atawa juru mamaos.
Sawatara conto judul kawih di antarana: Tanah Sunda, Angkrék Japati, Angin
Priyangan, Bulan Langlayang Peuting, Dina Jandéla, Hareupeun Kaca, Hariring Nu
Kungsi Nyanding, Imut Malati, Malati Ti Gunung Guntur, Kembang Impian, Kembang
Tanjung Panineungan, Longkéwang, Purnama Urang Nu boga, Sagagang Kembang Ros,
Salam Manis, Salempay Sutra, Samoja, Sariak Layung, Wengi Énjing Tepang Deui,
Panon Hideung, Mojang Priyangan, jsb
Nano S nétélakeun, yén rumpaka téh kekecapan dina lagu. Dina tembang sok disebut dangding, atawa
guguritan. Dina lagu kapasindenan, sok disebut kata-kata. Dina lagu kawih sok disebut
rumpaka. Dina lagu pop Sunda, sakapeung sok campur jeung istilah musik, sok aya
nu nyebut lirik. Para sastrawan, sok aya nu nyebut sastra lagu. Pangpangna kana
rumpaka karya para sastrawan. Wangun rumpaka téh rupa-rupa. Aya anu winangun
sisindiran, puisi, wawangsalan, pupuh jrrd. Malah dina perkembangan ayeuna,
pangpangna dina lalaguan anyar, sok maké sajak bebas baé
Medar perkara guguritan, Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd dina tulisanana
nétélakeun yén guguritan téh kagolong kana karangan ugeran dina wangun puisi
heubeul. Pangna disebut karangan ugeran lantaran kaiket ku patokan atawa pola
anu tangtu, nya éta ngagunakeun patokan pupuh. Ku lantaran teu panjang tea
biasana mah ukur ukur diwangun ku hiji pupuh, tara gunta-ganti pupuh cara dina
wawacan, sarta ilaharna eusina henteu ngawujud carita (naratip). Dibacana
biasana mah dihariringkeun maké lalaguan anu geus matok keur pupuh éta. Atawa
ngahaja jadi rumpaka dina pagelaran seni tembang Cianjuran.
Sawatara ahli
nétélakeun watesan ngeunaan guguritan. Yus Rusyana (1992:94) nyebutkeun yén
guguritan nya éta karangan pondok anu disusun maké patokan
pupuh. Iskandarwassid dina Kamus Istilah sastra (1992:46) nyebutkeun yén
guguritan téh nya éta karangan puisi mangrupa dangding anu teu
kawilang panjang.