B u
b u k a
Dina tulisan ieu rék
diterangkeun, data jeung lokika nu geus kapanggih, pikeun ngaguluyurkeun jalan
pikiran nu maca, perjalanan sajarah atawa riwayat Ki Sunda, ti jaman bihari,
terus ka jaman kamari, ditutup ku jaman kiwari jeung sawangan kahareup.
Pari basa sok nyebut Ki
Sunda, nu saharti jeung aki Sunda. Ari jalma nu kaasup aki mah nya éta jalma nu
geus legok tapak genténg kadék. Hartina geus pinuh panemuna, loba pangalana,
malah aya anu geus nepi kana sadurung winara, hartina geus maca kajero-jerona,
anu teu kahontal ku jalma biasa. Aya istilah nu nyusun tingkatan kaweruh jalma
nya éta wong, siwong wastu-siwong. Wong mah tingkat jalma nu kudu dipapatahan
kénéh, pangpangna ngeunaan kapamalian. Siwong mah tingkat jalma nu geus teu
perlu dipapatahan da geus hideng, geus nyaho tur ngarti di pamali. Ari
wastu-siwong mah tingkat jalma nu geus bisa atawa biasa mapatahan.
Jadi nu disebut Ki
Sunda téh pikeun urang mah lain ngudag jalmana, tapi ngudak tapak lacakna. Naon
nu ditinggalkeun keur nu harirup. Titinggal nu geus kaguar, diantarana : anu
patali jeung panaggalan; perkara karawitan, aksara Sunda, basa Sunda, wawasan
Ki Sunda dina rupa-rupa widang kahirupan. Perkara ieu dihandap bakal jadi bahan
bahasan.
Ngeunaan sajarah
atawa riwayat Sunda, rék dimimitian ti jaman nu teu kahontal ku ahli sajarah
resmi, sabab panganut sajarah resmi mah loba sengkerannana. Nu kaasup kana
sajarah téh data anu tertulis wungkul, ari sajarah aksara nu dipaké nulis mah
teu kaasup kana sajarah. Kolénjér mah teu dianggap tulisan, da ukur tanda-tanda
wungkul. Komo hal basa mah teu ditarima jadi sajarah. Padahal nu diomongkeun
téh kabéh ogé maké basa.
Tah dina tulisan ieu
mah sengkeran nu karitu téh teu digugu. Kumaha bisana jalma tulas-tulis mun teu
nyieun aksara jeung alat tulisna. Jalma rék nuliskeun naon lamun can aya
basana. Jadi saméméh jalma mikir-mikir kana nulis téh tangtuna ogé kudu geus
barisa ngaromong heula. Malah geus aya tata-basa sagala, pikeun nartibkeun
ayana basa. Jadi naon salahna mun nuliskeun perkara sajarah dimimitian tinu
kararitu.
Pikeun Ki Sunda mah,
data-data ieu téh geus nyampak. Titinggal Ki Sunda nu utama tur abadi nya éta :
Tatar Sunda, Budaya Sunda, Basa Sunda, Aksara Sunda, Karawitan Sunda,
Pananggalan Sunda jeung Sajarah Sunda.
Pikeun bubuka mah
dicukupkeun sakieu waé
Bandung, 23 Mei 2000
Ali Sastraamidjaja.
E u
s i
Tatar Sunda, Sajarah
Sunda, Basa Sunda, Karawitan Sunda, Aksara Sunda, Pananggalan Sunda, Budaya
Sunda.
T a
t a r S u n d a
Ku kiwari mah,
nerangkeun Tatar Sunda téh babari, da geus aya nu disebut peta. Mémang ari
saenyana mah peta kiwari jeung peta bihari téh teu sarua, tapi tibatan
nerangkeun teu puguh mah mending ku peta nu aya baé.
Baheula mah jalma téh
saeutik kénéh. Jadi nu disebut nagara téh ngan diwatesan ku laut, wahangan gedé
jeung leuweung gerot nu tara kasorang ku jalma. Ayana wates nagara di urang
kawas kiwari mah, mimitina ti jaman urang Éropa ngajajah nagara-nagara Asia
jeung Afrika. Nagara urang dijajah ku Walanda, diaranan Oost Indie (Hindia
Timur), atawa Nederlands Indie (Hindia Belanda). Tapi saméméh diaranan kitu,
basa urang Portugis mimiti ngalalana di wilayah urang, manéhnya nyatetkeun
ngaran tempat-tempat nu didatangan ku inyana. Dina catetan éta pulo-pulo nu
didatangan tur ditanya téh ngajawabna Sunda. Nya ku urang Portugis nu
nyatetkeun hal éta, kapuloan ieu kabéh téh disebut Kapuloan Sunda. Lantaran
pulo-pulo nu aya di lebah kulon mah pulona galedé, disebut Kapuloan Sunda Gedé.
Ari pulo-pulo nu di lebah wétan mah laleutik, nya disebut Kapuloan Sunda
Leutik. Tangtuna ogé ngaran-ngaran éta téh dina basa Portugis. Ku urang Walanda
ditarjamahkeun kana basa Walanda jadi Sunda Eilanden (kalupoan Sunda), nu
diwangun ku Grote Sunda Eilanden jeung Kleine Sunda Eilanden.
Sunda Eilanden atawa
Kapuloan Sunda ieu téh nya éta anu terusna boga ngaran Oost Indie (Hindia
Timur), atawa Nederlands Indie (Hindia Belanda). Tapi ari ku ilmuwan Jerman mah
dibéré ngaran Indo-nésos (Indo = Hindia, nésos = nusa, kapuloan, banua). Tina
ngaran ieu jadi Indonésia.
Nu heureuy mah aya nu
nulis indonesia ku pégon, jadi dibalikeun macana [ aiSeNoDni ], tina aksara ieu
dibaca biasa ku cara latin [ieu SuNDa na]. Jadi maksudna mah Indonesia téh
Sunda-Sunda kénéh.
Katerangan dina
sajarah, nya éta waktu raja Tarumanaga diganti ku Sri Maharaja Tarusbawa
Dharmawaskita Manunggaljaya Sunda Sambawa, nagara anu ngaran tadina
Tarumanagara diganti jadi nagara Sunda. Kajadieun ieu téh tepatna dina poé
Radite Pon (Ahad Pon), tanggal 09 suklapaksa, bulan Yésta (bulan ka 8), taun
591 Caka Sunda. Tanggal ieu téh sarua jeung tanggal 31 Oktober 695 Masehi
Julian.
Jadi tanah anu
bener-bener dicicingan ku urang Sunda mah, nu biasa disebut Tatar Sunda nya éta
nu kiwari disebut Jawa Barat. Tapi basa Islam asup ka Tatar Sunda ieu,
maranéhna ngarebut Cirebon, Banten jeung Sundakalapa (Jakarta kiwari) pikeun
diislamkeun jadi bawahan karajaan Islam Demak. Sanggeus dijajah ku Walanda,
(Nederlands Indie ti taun 1800 M, lain keur jaman V.O.C.) Tatar Sunda téh jadi
provintie West Java (propinsi Jawa Barat atawa propinsi Jawa Kulon), nu
diwangun ku 5 karesidénan : Banten, Buitenzorg (Bogor), Batavia, Cirebon,
Priangan.
Karesidénan Banten
diwangun ku Kabupatén Sérang, Pandéglang jeung Lebak. Karesidénan Buitenzorg
(Bogor) diwangun ku Kabupatén Buitenzorg (Bogor), Sukabumi jeung Cianjur.
Karesidénan Batavia diwangun ku Kabupatén Tangerang, Batavia, Bekasi, Karawang,
Purwakarta jeung Subang. Batavia mangrupa ibukota nagara. Karesidénan Cirebon
diwangun ku Kabupatén Indramayu, Cirebon, Kuningan jeung Majalengka. Karesidénan
Priangan diwangun ku Kabupatén Bandung, Sumedang, Garut, Tasik jeung Ciamis.
Bandung aya Kabupatén jeung aya Gemeente. Jaman Jepang disebut Bandungsi.
Dina jaman peralihan,
nya éta jaman RIS (Républik Indonésia Serikat), Tatar Sunda téh ngaranna Nagara
Pasundan. Sanggeus RIS bubar, balik deui kana ngaran Jawa Barat nu sok
disingket jadi Jabar.
Sanggeus Indonésia
merdika, Batavia diganti jadi Jakarta tur dijadikeun DCI (Daerah Chusus
Ibukota) nu jadi propinsi mandiri. Jadi ti harita aya perobahan. Karesidénan
dieuweuhkeun, tinggal Kabupatén jeung Kotapraja. Kotapraja diganti jadi
Kotamadya. Propinsi disebut DT-I (Daérah Tingkat I), Kabupatén jeung Kotamadya
disebut DT-II (Daérah Tingkat II), Kacamatan disebut DT-III (Daérah Tingkat
III), ti dinya terus ka Désa atawa Kalurahan. Lamun rék maké istilah DT jadi
DT-IV. Terus ka RW (Rukun Warga), jadi DT-V. Ditutup ku RT (Rukun Tatangga),
jadi DT-VI. Pusat jadi DT-0. Jadi jumlah tingkatan daérah téh aya 7, ti 0 nepi
ka 6.
Ari jaman baheula
mah, jalma nu pindah tempat ti tempat asalna disebut ngababakan. Malah istilah
ngababakan téh ditambahan ku ngaran tempat asalna, upamana Babakan Ciamis nu
aya di Kota Bandung, hartina urang Ciamis nu ngababakan di Bandung. Ngababakan
téh hartina cicing pikeun sawatara waktu. Ari mimitina mah kecap ngababakan téh
pikeun nu tatanén di tempat nu rada jauh, nepi ka kudu mondok. Jadi disebut
ngababakan téh waktu ngagarap tanah nepi ka melakan terus ngoyos. Tidinya anu
tarani téh baralik deui ka lembur-lemburna, pikeun ngababakan deui engké dina
waktuna panén nepi ka ngakut hasil tanén ka leuit jeung ka lembur.
Lamun nu henteu
ngababakan mah hartina pindah tempat, pindah tampian. Upamana lantaran geus teu
sanak teu baraya deui di lembur asalna. Komo nu boga pamajikan atawa salaki ti
tempat séjén, loba nu parindah tempat, boh milu ka tempat salakina atawa milu
ka tempat pamajikannana, saterusna jadi urang dinya. Tapi najan pindah tempat
ogé, tetep urang Sunda kénéh pikeun urang Sunda mah, Kitu deui pikeun urang
lian, tetep jadi urang asalna. Nya ahirna lahir istilah pribumi, non-pribumi nu
sok disingket jadi non-pri, jeung urang asing. Kecap ieu téh mimiti dipaké dina
jaman Walanda, pribumi disebut inlander, non-pri disebut vreemde oosten, urang
asing disebut vreemdelingen. Vreemde oosten maksudna urang Cina, India, Arab,
Jepang, jst. Vreemdelingen mah maksudna ka urang Éropa. Ku ayana pamisahan kieu
téh jadi aya tilu tingkat atawa kelas. Pikeun urang Éropa jeung urang Jepang
digolongkeun ka tingkat pangluhurna atawa kelas 1. Pikeun nu kaasup ka Vreemde
oosten, digolongkeun ka tingkat tengah atawa kelas 2. Ari inlander mah tingkat
panghandapna atawa kelas 3. Vreemde oosten jadi penghubung antara kelas 1 jeung
kelas 3. Nu matak pribumi masing geus hirup di nagara merdika ogé tetep
ditempat kelas 3. Anu jadi kelas 1-na nya éta para gegedén nu sikepna gumedé,
ti jaman Sukarna nepi ka jaman Habibi. Sanggeus pindah ka jaman Gus Dur mimiti
karasa aya perobahan, sabab kadaulatan geus pindah ka rahayat deui. Ayeuna keur
diperjuangkeun robahna pamaréntahan bernegara. Keur néangan bentuk anyar nu
leuwih merenah.
S
a j a r a h S
u n d a
Sajarah bisa dibagi
jadi pra-sajarah, sajarah bihari atawa sajarah dihin, sajarah kamari jeung
sajarah kiwari. Ari pra-sajarah mah hartina téh kajadian nu teu kahontal ku
sajarah. Ari sajarah bihari atawa sajarah dihin mah nya éta sajarah nu
pangheubeulna tapi kahontal kénéh ku sajarah. Ari sajarah kamari mah nya éta nu
nyaritakeun jaman dikawasa ku deungeun. Ari sajarah kiwari mah nya éta jaman
sanggeus repolusi, nagara urang jadi mardika. Di handap ieu rék ngaguar
hiji-hijina sajarah nu bieu.
P r a – s a j a r a
h S u n d a
Ari pra-sajarah mah
hartina téh kajadian nu teu kahontal ku sajarah. Jadi teu bisa nyaritakeun
caritana kajadian sajarahna lantaran geus teu kahontal téa. Tapi lantaran aya
bukti titinggalna boh anu aya wujudna boh anu euweuh wujudna. Anu aya wujudna
upamana ‘lingga’, ‘guha nu lain alam’. Anu euweuh wujudna saperti ‘basa’,
‘lagu’.
Baheula mah nganggap
kana lingga téh pikeun pujaeun dina upacara kaagamaan, disebut pikeun lingga
téh nya éta purusa. Ari harti purusa nya éta parabot lalaki. Teuing kumaha
nyieun carita wadulna (dramatisasina), nepi ka jadi upacara husus nu patali
jeung lalaki. Ari lalaki mah muhit hayang jadi jago ka awéwé. Ari awéwé mah
muhit hayang boga salaki. Meureun ku pédah keyeng, nya aya ogé anu
kaparengkeun.
Saenyana jalma nyieun
lingga téh, nya éta nangtungkeun tur nancebkeun pageuh kana lemah téh, rék
dipaké ngukur kalangkang matapoé. Ari saméméhna mah ngan ku nancebkeun kai
wungkul. Tapi tétéla dibutuhkeun alu leuwih tahan cuaca, sabab digunakeunnana
rebuan tauneun. Ari tina kai mah paling ngan nepi ka ratus taun. Nu matak
dijieun tina batu hirup, nya éta batu anu teuas tur padet. Dijieunna buleud
panjang. Laju ditancebkeun pageuh rosa, sabab dina ukuran rebu taun teu meunang
robah saeutik-eutik acan. Lamun nepi ka robah, pasti kalangkangna ogé jadi
robah.
Bisi aya jalma nu teu
nyahoeun yén éta téh lingga, nya pikeun kaamanan dikaramatkeun, sabab bisi
dipaké nyangcang munding. Ku dikaramatkeun kitu mah euweuh anu wani
ngarampa-rampa acan. Ari ku anu nyieunna mah tetep dipaké ngukur kalangkang.
Tapi ku awam mah diparuja, diparuhit, bari disasajénan tur dikukusan. Jurig nu
ngakan sasajén mah pastina ogé nu boga hadas nyieun lingga, da keur maranéhna
mah teu karamat teu sing. Malah nu jadi panditana ogé arinyana kénéh.
Tujuan ngadegkeun
lingga téh nya éta pikeun ngukur kalangkang matapoé, dina wanci tangangé. nu
diukurna téh panjangna kalangkang jeung ngujurna kalangkang. Nya bisa
dibayangkeun, milampah pagawéan ngukur kalangkang kitu dina jero rebuan taun,
sakumana pitanggeleunnana, jaba pasti loba nu ompongna da rajeun kaiyuhan ku
méga, atawa hujan, pan ninggang di euweuh kalangkangan. Tapi ari itungan poé
mah teu orot ku kitu, tetep baé kudu diitung sapoé, masing bri euweuh
kalangkang ogé.
P a
n a n g g a l a n S u n d a
Ladang tina gawé kitu téh
nu kiwari dipaké kénéh nya éta katetepan yén waktu anu lilana 365 poé téh
diaranan hiji taun atawa sataun. Nya harita jalma mimiti engeuh yén ayana
hubungan antara bumi jeung matapoé téh nurutkeun aturan hukum alam anu baku.
Dina jero sataun éta téh, munculna purnama 12 kali. Ari lilana ti bulan purnama
ka bulan purnama deui 29 atawa 30 poé. Jadi hubungan bumi jeung bulan ogé
tunduk kana aturan hukum alam anu baku.
Ngulik tur nalungtik
perkara iieu téh teu eureun-eureun dina jero rebuan taun, nepi ka aturan hukum
alam ngeunaan hubungan matapoé jeung bumi tur hubungan bumi jeung bulan, ku Ki
Sunda dirumuskeun jadi aturan pananggalan. Aturan pananggalan ieu terusna
ditarurutan ku deungeun-deungeun, maké cara séwang-séwangan. ngeunaan
panaggalan mah bakal diguar dina bab pananggalan dihandap ieu.
Ayeuna urang ngaguar
guha nu lain alam atawa guha alam nu ditambahan ku réka jalma. Jaman jalma teu
jauh ti sato, caricingna téh di guha, sabab karasa aman, boh tina sato galak
boh tina hujan, panas jeung angin. Ari guha alam murni mah bentukna kumaha ceuk
alam, tapi guha nu dipaké padumukan jalma mah loba nu diréka, diluyukeun kana
kabutuh jalma nu makéna. Jaman harita mah cara hitup jalma jeung sato téh teu
béda jauh, malah sili boro, sili hakan kénéh.
Laju jalma bisa
ngagunakeun alat, saperti batu keur nénggor jeung keur meupeuh, kai sapotong
keur neunggeul. Terus aya kamajuan, kai téh bisa dipaké nojos, malah terusna
mah dijadikeun tumbak, nya éta nojosna ku dialungkeun. Tidinya maju deui
dijieun panah jeung dondéwana. Jadi bisa ti jarak anu leuwih jauh, jeung mawa
panahna bisa loba. Ari tina batu mimitina mah dipeupeuskeun sina seukeut, tapi
sanggeus kapaham mah batu téh diasah sina seukeut téh. Saterusna batu téh
dibentuk ku diasah, jadi rupana alus bari seukeutna bisa dipiara, da bisa
diasah disina seukeut salawasna.
Beuki lila budaya
jalma téh beuki ngagunakeun akal. Ku dibiasakeun ngagunakeun akal, jadi
kapinteran jalma téh bisa ngunggulan sato. Tungtungna jalma téh jadi nu
pangkawasana di darat mah, tapi ari dilaut mah can kasorang. Tapi lilalila mah
jalma ogé wanoh kana lautan. terus nyieun parahu. beuki lila beuki gedé. Jadi
balayarna ogé bisa leuwih lila jeung bisa leuwih jauh. Nya lantaran karuhun Ki
Sunda mah hirup di kapuloan, wajar lamun pangheulana wanoh ka lautan,
dibandingkeun ka jalma nu hirup di banua, nu jauh ti lautan. Ku kituna, jalma nu
mimiti ngambah lautan téh nya karuhun Ki Sunda. Ari ambahannana ka kulon nepi
ka Afrika wétan, ka wétanna nepi ka Amerika kulon. Pikeun bukti ambahan ieu,
bisa dicukcruk tina basa jeung tata-basa di wilayah anu disebut polinésia.
B a
s a S u n d a
Jadi ku analisa ieu, lain
basa Sunda tina basa Sangsekerta, tapi sabalikna, basa Sunda téh indungna basa,
nu ku ahli basa disebut ‘Proto-Sundic’. Proto-Sundic téh anakan jadi :
basa Malayu, basa Sangsekerta, basa Kawi jeung iheung nu lianna mah. Basa-basa
ieu aranakan deui jadi basa Indonesia, basa Jawa jeung iheung deui nu lianna
mah. Ari basa téh aya dua rupa, aya basa-baku jeung aya basa-pasar. Ari
basa-baku mah dumasar kana tata-basa anu baku, jadi kudu puguh nurut kana
aturannana. Ari basa-pasar mah ngutamakeun asal kaharti dipaké ngawangkong baé,
rada salah ngagunakeun aturan atawa milih kecap mah loba hampurana. Ayeuna basa
Indonesia dijadikeun basa resmi. Tapi lantaran tadina tina basa pasar, jadi
dina netepkeun tata-basana rada pabeulit, da teu engeuheun yén ayana tata-basa
mah dina basa Sunda (Proto-Sundic téa.)
Lantaran urang Jawa
ngaku-ngaku pribumi asli tur leuwih kolot ti Sunda, kapaksa di dieu dibukakeun
data nu sabenerna. Dina jaman karajaan Sunda, abad ka VII ahir, anu jadi
panguasa lautan nya éta nu ngaranna Sanjaya. Kabéh bajo (bajag laut), nu
lolobana urang Cina, diancurkeun ku Sanjaya, lain dilautan wungkul tapi nepi ka
palabuhannana nu jadi pangkalan jeung panyumputan para bajo. Lantaran salawasna
éléh ku Sanjaya, nya lautan téh jadi aman. Tapi sanggeus Sanjaya wapat, di
Mataram (di Jawa tengah kiwari), urang Cina téh mawa wangsa Saléndra nu
disumputkeun di Palémbang ka Mataram. Ku loba-lobana nu datang ti laut,
katambah di Mataram keur dina kapapaitan, tungtungna kabéh kalabur ka wétan, maké
jalan darat (leuweung). Ti harita wangsa Saléndra, anu ngadunungan ka urang
Cina, jadi urang ‘Jawa-tengah’ ku cara ngalindih karajaan Mataram. Jadi anu
disebut urang Jawa tengah téh saenyana mah urang Saléndra. Nya dina jaman
harita diaradegkeunnana candi-candi téh. Dina gambarna (reliefna) jelas
némbongkeun urang Indiana té. Ngan lantaran hayang jadi pribumi ‘asli’,
dibélaan ganti adat, ganti basa, nurutan tata cara urang Sunda, tapi lain ku
cara sakola, nu matak pantes mun loba nu pasaliana. Ciri yén urang Jawa tengah
lain urang dieu asli, bisa dicirikeun tina ngawangun imah. Lamun urang tropis
mah imahna téh pasti imah panggung. Ari imah urang Jawa tengah mah mupuk. Jadi
tangtuna ogé lain ti daérah tropis, Jelasna mah urang daérah sub-tropis alias ti
daérah India anu éléh perang, laju ku urang Cina dibawa tur disumputkeun di
Palémbang, pikeun ngusir kakawasaan Sanjaya. Jadi ku sajarah ieu mah kaharti
lamun urang Jawa tengah anu diluluguan ku Cina hayang nalukkeun Sunda. Tapi teu
hasil baé. Kakara dina jaman Orde-Baru Suharto, Cina makaya ngajawara téh
ngawujud. Tapi da ngan nepi ka saumur Orde-Baru. Orde-Baru runtuh mah Cina ogé
milu runtuh, – wong Cino pada lungo – ceuk carita ramalan mah. Ngeunaan ieu mah
ditutup sakieu waé.
K a
r a w i t a n S u n d a
Ayeuna urang teruskeun kana
ngaguar perkara karawitan. Hal ieu ogé teuing kumaha mimitina, ngan anu puguh
mah Ki Sunda téh ninggalan anu disebut laras atawa surupan, patet, pupuh
wirahma jeung waditra nu mangpirang-pirang. Pasti ari mimitina mah basajan,
tapi lantaran maké polo, jadi hasilna ogé teu sambarangan, tapi aya aturan anu
dijadikeun patokan. Patokan laras ataw surupan dumasar kana 5 nada. Nada-nada
ieu diaranan Tugu, Singgul, Galimer, Panelu jeung Kenong. Ngaran ieu saenyana
mah rupa-rupa, upamana aya nu nyebut Barang, Singgul, Bem, Panelu, Lorloran,
jst.
Anu ngulik kana
karawitan téh nya éta Pa Mahyar. Nya lahir nu disebut rakitan. Aya rakitan 9
nada, rakitan 10 nada, rakitan 12 nada, rakitan 15 nada, rakitan 17 nada. Malah
sanggeus ditalungtik kadieunakeun mah ku ayana nu disebut embat, akibatna kana
rakitan jadi beuki loba, sabab udagannana ngeunah kareungeuna, lain
rakitannana.
Ari nu disebut
rakitan téh nya éta lobana nada dina jero sagemyang (1 oktav dina musik).
Supaya jelas kapaksa
diterangkeun rakitan ieu maké gambar atawa tabél
Rakitan 10 nada, dina
sagemyang diwangun ku 10 nada, tapi anu disorakeun mah tetep ngan 5 nada
1
|
2
|
3
|
4
|
5
|
6
|
7
|
8
|
9
|
10
|
T
|
S
|
G
|
P
|
K
|
atawa
1
|
2
|
3
|
4
|
5
|
6
|
7
|
8
|
9
|
10
|
T
|
S
|
G
|
P
|
K
|
Susunan dina gambar ieu
disebut laras Saléndro
Lamun gambar ieu
dipanjangan, jadi nadana balik deui ka anu asal, tapi sorana béda sagemyang,
saperti kieu :
1
|
2
|
3
|
4
|
5
|
6
|
7
|
8
|
9
|
10
|
1
|
T
|
S
|
G
|
P
|
K
|
T
|
Lamun susunan nada anu lima
dirobah, larasna jadi béda, nya lahir nu disebut laras Degung, jeung laras
Madenda
Susunan nada Laras Degung
dina rakitan 10 nada.
1
|
2
|
3
|
4
|
5
|
6
|
7
|
8
|
9
|
10
|
1
|
T
|
S
|
G
|
P
|
K
|
T
|
Susunan nada Laras Madenda
dina rakitan 10 nada.
1
|
2
|
3
|
4
|
5
|
6
|
7
|
8
|
9
|
10
|
1
|
T
|
S
|
G
|
P
|
K
|
T
|
Susunan nada-nada ieu téh dilarapkeun
dina Saron laras Saléndro mah kieu :
S
|
G
|
P
|
K
|
T
|
S
|
B u
d a y a S u n d a
Nu disebut budaya téh
mimitina tina jeroan manusa, laju dibungkeuleukkeun dina wangun anu dianggap
pangmerenahna kana kereteg haté éta. Aya budaya anu dibungkeuleukkeun kana
deudeuleuan, lantaran aya patalina jeung panon. Aya budaya nu dibungkeuleukkeun
kana dédéngéan, lantaran aya patalina jeung ceuli, jeung saterusna nu
diluyukeun kana indra lianna jeung gabungan tina indra-indra nu mangaruhan kana
ayana atawa diayakeunnana bungkeuleuk nu diayakeun atawa dijieun.
Pikeun jalma nu
ngarti mah, wangun-wangun naon baé ogé tetep kaharti. Tapi pikeun anu teu
ngarti mah ngan pipilueun atawa tuturut munding. Pikeun nu pandeuri, kaasup
kana jalma panganut dogma, nya éta jalma peupeuleukeuk, asa aing nu
pangbenerna. Padahal jelas-jelas kaasup ka jalma anu hanteu ngarti. Pikeun nu
cang ngari, lamun hayang ngari, kudu ngécagkeun dogmana, diganti ku nyukcruk
élmu pikeun jadi panemu kana harti anu sabenerna. Jadi bener téh ulah ceuk béja
tapi kudu ceuk pangarti diri.
Dina nerangkeun
masalah budaya, aya tingkatannana saperti tingkatan sakola, aya tingkat SD,
Lanjutan, Universitas. Aya ogé anu geus weruh sadurung winara. Pikeun nu
pandeuri bieu, tulisan kieu téh teu perlu, da geus leuwih ti kieu. Pikeun
tingkat SD, biasana mangrupa dongéng. Dongéng ieu ogé tingkat mana nu nyieunna.
Lamun ku anu sadurung winara mah dongéng keur budak téh, ogé mapatahan kolot,
saperti dongéng ‘Si Kabayan ngala tutut’. Dongéng éta téh ceuk saliwat mah
dongéng keur barudak, tapi mun diudag eusina, kolot ogé loba kénéh nu teu
ngarti.
Dongéng éta téh
saenyana mah nyindiran ka kolot nu teu koloteun. Ngagugu kana siga bari teu
éling kana enya. Tah jalma nu ngagugu kana dogma téh nya éta jalma nu ngagugu
kana anu ku dirina teu kaharti, dianggap bener kana sugan, nganggap bener kana
iheung. Padahal lamun bener diukurna ku pamali mah, puguh juntrungna, lain
sugan lain iheung. Sabab ukuran pamali mah ukuran pangarti diri. Beuki jero
beuki ngarti, beuki ngajauhan ti ngalampah pamali. Malah jadi pananyaan nu réa.
Dongéng lianna nu
saperti kitu upamana ‘dongéng nu lalolong sina ngarampa gajah’. Barang
maranéhna nerangkeun gajah siga kumaha atawa siga naon, katerangannana téh
rupa-rupa, dumasar kana naon nu dirampana tadi. Aya nu nyebut siga tihang
(sukuna), aya nuu nyebut siga oray (tulaléna), aya nu nyebut teuas (gadingna)
jst. jst. Di dieu maksud nu nyieun dongéng téh nya éta nerangkeun, yén lamun
nyaho sawaréh téh teu bisa disebut bener, da ari nyebut gajah mah kudu
sagemblengna, ulah sawaréh-sawaréh.
Aya deui ‘dongéng
jalma nu ngajual kuda’. Ditumpakan ku anakna dicawad. Ditumpakan ku bapana
dicawad. Ditumpakan ku duaan dicawad. Teu ditumpakan dicawad. Tungtungna kuda
hirup téh digotong. Dongéng ieu maksudna nerangkeun ka jalma anu teu boga
pendirian sorangan. Kitu kieu téh kumaha ceuk batur baé, da sorangan teu nyaho
kudu kumaha anu disebut bener. Tungtungna lampahna téh malah bener-bener jadi
salah, ngagogotong kuda, padahal bisa sina leumpang sorangan éta kuda téh.
Dongéng pondok : ‘aya hiji
raja kabeukina gedang atah’. Maksudna nyindiran ka anu hawek, kokoro,
makmak-mekmek. Lamun raja kabeukina gedang atah, komo ka anu asak. Ari rahayat
kabagéan naon, naha kudu ngadaharan daunna atawa tangkalna ?
Aya deui dongéng
pondok : ‘Aya hiji raja, terus paéh. Lamun teu paéh mah panjang dongéngna’. Tah
dongéng kitu mah ngan ngaheureuyan barudak nu didongéngan, da manéhna keur
sangeuk ngadongéng ka barudak.
Jadi nu disebut
dongéng téh rupa-rupa, ti anu enya nepi ka anu wadul. Pikeun anu teu engeuh mah
teu bisa ngabédakeun dongéng anu enya jeung dongéng anu wadul. Padahal teu
hésé-hésé teuing ngabédakeunnana téh. Lamun dongéng dumasar kana dogma, geus
pasti wadulna. Kajeun diréka kumaha waé ogé, ari dasarna wadul mah tetep wadul.
Ngan biasana ku hadéna réka, geus teu asa diwadulan, karasana téh kudu kitu
waé. Silah. Naha urang rék milu nyaweuyan wadul atawa nembrakkeun nu enya.
Nyaweuyan wadul téh sok dipacorokkeun jeung seni, atawa ngamangpaatkeun seni
pikeun nyaweuyan wadul.
Ieu kabéh téh kaasup
kana budaya. Lamun disebut budaya Sunda, kudu aya Sundana, atawa hal
kasundaannana kudu kabawa. Saperti dina conto dongéng diluhur, kasundaan-nana
jelas kabawa. Komo dina ngala tutut mah témbong pisan kasundaanna téh. Tapi teu
kabéh dongéng anu merankeun Si Kabayan, ngadongéngkeun kasundaan atawa kaasup
kana budaya Sunda.
Malah hal budaya
Sunda ogé Sunda nu mana. Budaya Sunda bihari atawa Sunda wiwitan béda ti budaya
Sunda kamari, béda deui ti budaya Sunda kiwari. Dina budaya Sunda bihari atawa
budaya Sunda wiwitan mah Budaya Sunda téh bisa disebut budaya asli da can
kapangaruhan ku budaya deungeun. Ari dina budaya Sunda kamari mah geus ganti ku
pangaruh budaya deungeun, utamana anu patali jeung agama Islam. Budaya kiwari
mah bisa disebut budaya campur-aduk, sabab campurannana teu maké aturan,
lantaran dasarna teu ngarti. Lamun dasarna ngarti mah, nyieun campuran téh
puguh tujuannana, puguh rék nyieun naon-naonna. Ari campuran samakbruk mah ngan
ukur jadi runtah.
Kumaha budaya
kahareupna. moal enya ari rék nyieunan runtah baé mah. Da ari runtah mah di
mamana ogé piceuneun da euweuh araheunnana. Jadi ari barang jieun téh kudu nu
aya gunana, kudu anggeus, ulah oméaneun atawa teu anggeus. Ulah atah, ulah
tutung, tapi kudu asak. Dina barang jieun naon baé kudu rikrik jeung gemi, ulah
hambur kana bahan jeung waktu. Ulah léléda tapi kudu kesit, jst. Ulah milampah
nu diulahkeun, matak gaplah kana lampah, hasilna moal nyugemakeun, malah
bisa-bisa matak ngarugikeun. Jadi naon gunana milampah ari ladangna ngan jadi
rugi mah. Nu matak kudu milampah nu dikudukeun. Anu ngudukeun téh nya éta sarat
jadi hasilna pagawén. Tah anu kitu anu disebut kudu netepan téh, sangkan
hasilna luyu ka anu dipiharep. Jadi lampah téh teu tambuh laku, lantaran junun
kana tujuan.
Lampah bener téh nya
éta lampah teu salah. Budaya bener téh budaya anu teu salah. Lamun urang Sunda
tukuh kana budaya Sunda pasti benerna. Lamun urang Sunda teu tukuh kana budaya
Sunda pasti salahna. Budaya Sunda meunang ditambahan atawa disampurnakeun, tapi
ulah diganti ku anu numpes budaya Sunda, numpes Sunda. Lamun dibandungan teu
kurang nu ngaku urang Sunda, tapi lampahna numpes budaya Sunda. Hartina numpes
Sunda. Bukti nyata, hal-hal anu nyangkut kana kasundaan geus loba anu ditaringgalkeun,
dipariceun. Budaya deungeun dibebeskeun pikeun ngaganti budaya Sunda. Lamun nu
boga lampah kitu deungeun-deungeun mah pantes da boga maksud nu disamunikeun.
Tapi ari anu boga lampah ngaruksak kitu ku anu ngaku urang Sunda mah, naon
pibasaeunnana ari lain disebut jalma édan mah, basa lemesna mah nu pinter
kabalinger, atawa cul dogdog tinggal igel, tibalik buta ka sari jst. Batur mah
jadi angkasawan ari urang mah jadi sawan angka. Batur mah jadi politikus, urang
mah ngan jadi tikus. Budaya téh bisa ditilik tina peradaban, naha beuki beradab
atawa beuki biadab.